NGEUNTEUNG

Gaara jeung Kazekage Kaopat bogana akang Masashi Kishimoto

Nyobaan nulis make basa Sunda, dina miéling Poé Basa Indung Sadunya

-o0o-

Perang Badag nepi anjog ogé kana pamustunganana. Sanggeus hoghag, kami sapuk nyieun pasukan gabungan.

Kiwari teu aya deui pasukan Suna, pasukan Konoha, pasukan mana wae oge. Anu aya nyaéta pasukan Shinobi, kalayan 'S' badag. Sajaba mingpin Divisi 4 Hontalan Jarak Laér, kuring ogé mingpin sakabéh pasukan.

Di dieu kuring aya ayeuna. Miheulaan pasukan, kuring hayang nyaho, saha maranéhanana sabenerna, sabaraha badag kakuatan maranéhanana.

Daisan no Me

Muka tapak leungeun kuring, dikeupeulkeun, waktu dibuka, kaluar Panon Katilu. Lalaunan tapi pasti, Panon Katilu terus mastikeun di mana ayana lawan—

Jigana manggihan maranéhanana. Enya, kuring bisa nempo maranéhanana. Sandaime Raikage. Nidaime Mizukage. Nidaime Tsuchikage

-o0o-

"—jeung kuring ngarasakeun hiji jalma kalayan chakra anu sarua jeung jelema anu anyar ieu—"

"—manéh teh—"

"Kuring Yondaime Kazekage—" cekeng teh. Maranéhna neruskeun paguneman ngeunaan Edo Tensei. Écés, kami sadar, naon anu keur dipigawé jelema anu masih hirup kana diri kami anu geus aya di alam séjén, di dimensi séjén, anu geus mangrupa arwah.

Katilu Kage éta masih hoghag ngeunaan kahayang maranéhanana pikeun silih maéhan. Ngeunaan yén ayeuna maranéhanana henteu bisa migawé sakahayang maranéhanana deui. Yén aya anu nyetir awak maranéhanan, teu bisa nuturkeun pikiran maranéhanana.

Tapi kuring nempo hiji hal kakalayangan. Leutik, ngawangun bunderan, teu kasampak mimiti na mah.

Kajaba lamun manéh apal, lamun mikawanoh naon éta.

-o0o-

—jeung Tousan

Éta Tousan. Bener-bener Tousan.

Saméméh kuring kasima, kuring kainget pikeun mere tanda ka pasukan kuring. Bari teu tangtu rasa jeung pikiran.

Éta Tousan.

Sarta kami baris perang.

Enya, kuring weruh éta lain Tousan saéstuna. Jasadnya tangtu jasad batur. Anu digeroan jeung Edo Tensei nyaéta arwah, arwah anu saterusna ngawarnaan jasad-teuing-éta-saha anu jadi jiga sawaktu hirupna. Sagalana anu dipiboga di ahir hirupna, pikiran, rarasaan, jutsu andalan.

Jadi éta téh jasad-teuing-éta-saha dieusi pikiran Tousan, jeung rarasaan Tousan, kalayan jutsu pamungkas Tousan. Anu geus numpukkeun kasangsaraan jeung kasangsaraan dina diri kuring? Anu nyieun kuring jadi jiga monster anu dipikasieun ku saeusi désa? Anu nyieun kuring maéhan kalayan gampang, sagampang malikkeun tapak leungeun? Anu nyieun kuring lahir tanpa mikawanoh Kaasan? Anu nyieun kuring jadi cua kana poé kalahiran, lain ngarayakeunana kawas sawajarna barudak séjén?

Éta Tousan.

Sarta kami baris silih papuket—

-o0o-

Éta Panon Katilu. Daisan no Me. Teu bisa salah deui, teu hamham deui.

Gaara—

Geus sagedé naon manéhna ayeuna?

Kuring sadar sasadar-sadarnya, yén Gaara meureun anak bungsu, tapi manéhna malahan teu perlu ditangtayungan kawas anak bungsu umumna. Manéhna malahan dipikasieun jelema—

Ari ayeuna, masih kitu dipikasieun?

Aya rasa . Kuring bapa anu teu bisa méré kasenangan ka anakna sorangan, komo saprak maranéhanana lahir. Kuring kalahka méré kasangsaraan jeung kasangsaraan—

Sarta ayeuna, dina kuring boga niat alus, dina kuring teu hayang nambahan kasangsaraan dina maranéhanana, kuring teu bisa.

Edo Tensei, baris nyieun kuring nurutan kahayang saha wae jelema la'nat anu ngagero kami—

-o0o-

Kami baris silih tarung.

Kuring kudu bisa ngéléhkeun makhluk-makhluk sarupa Kage ieu, salahsahijina nyaéta Tousan. Kuring baris bisa males dendam—

—enya kitu éta teh dendam kuring? Enya kitu éta dendam saurang Kazekage ka Kazekage anu miheulaan? Sakuduna Kazekage nu tiheula nurunkeun kawijakan, komo nurunkeun élmuna ka Kazekage saterusna—

Tapi enya kitu éta dendam kuring? Lamun kuring aya dina posisi Tousan, naha kuring baris nyokot tindakan anu sarua? Kalayan tanggungjawab nangtayungan rébuan jiwa nu nyicingan désa, jigana tindakan Tousan ngorbankeun anak sorangan, leuwih alus batan ngorbankeun batur...

Leungeun kuring langsung ngeupeul..

Lamun manéh boga tanggungjawab sakitu badag, sarta manéh teu boga pilihan séjén, komo lamun éta hartina ngorbankeun jelema anu pangdeukeutna jeung anjeun—jiwa pamajikan anjeun sarta kahirupan normal anak anjeun sorangan—bakal éta nu baris kapilih?

Kuring teu bisa némbalan.

Leungeun kuring ngeupeul leuwih pageuh.

-o0o-

Kuring ngan ngaharepkeun, yén manéh baris bisa nungkulan kami, anaking. Kuring ngan ngarep manéh bisa mulangkeun kami ka tempat kami anu samistina. Kuduna kuring teu kaci ngaharepkeun terus, nungtut terus ti anjeun, tapi lamun kaci, ieu tungtutan kuring dina anjeun, anaking.

Éléhkeun kami. Balikkeun kami ka tempat anu sakuduna. Ulah ngajadikeun wujud kami anu ayeuna ieu ngarusak kahirupan maranéh, rahayat maranéh, masarakat maranéh.

Kuring ngaku, kuring ngarep loba teuing. Tapi, kuring nyangka manéh geus aya dina kalungguhan penting, kawasna mah kalungguhan badag, Kazekage! Lamun henteu, maenya meureun kami para Kage maké dihudangkeun, dipaké pikeun ngalawan maranéh!

Kuring teu kaci ngandeg ngaharepkeun—

-o0o-

Kuring weruh, maranéhanana lain para Kage anu sabenerna. Para Kage éta geus paraeh. Maranéhanana ngan rek dipake jutsu jeung chakrana. Kuring teu kaci nurutan kecap haté, kuring nyaho kuring kudu maehan makhluk-makhluk ieu, tapi lain kalayan dendam ka Tousan

Kuring ngan hayang papanggih sacara normal jeung Tousan. Nyarita kalayan wajar. Ngajalanan poé kalayan dawam, kawas bapa sarta anak—

-o0o-

Kuring ngan hayang papanggih kalayan anjeun, anaking, sacara normal. Teu aya Ichibi. Nyarita kalayan wajar. Ngajalanan poé kalayan dawam, jiga bapa sarta anak—

-o0o-

Kuring sono ka anjeun, Tousan!

-o0o-

Kuring sono ka anjeun, anaking!

TAMAT